MENENTUKAN UNSUR INTRINSIK NOVEL
DI SUSUN OLEH :
DILLA NURDILAH
NURAENI
RESSA NURAPIAH
RUSTINA
SERLINAH
SITI IRA
XI TKJ 2
GURU : BU RINI YASTUTI S.S.
MATA
PELAJARAN : BAHASA SUNDA
SINOPSIS
Baruang Ka Nu Ngarora

Malem senen 14 bulan hapit 1291 dibumina Haji Abdul Raup, di Kampung
Pasar meuni rame pisan,kulantaran anakna nyaeta Nyi Rapiah rek di lamar ku
Ujang Kusen. Teu lami nyi rapiah jeung ujang kusen akhirna nikah. Kulantaran
maranehna rek mandiri sareng teu ngarepotkeun kolotna,maranehna pindah ka hiji
desa nu jauh tina desa kolotna tinggal. Akhirna maranehna pindah diiringan ku
ceurik kulantaran nyi piah teh teu bisa jauh sareng kolotna,ema na nyi piah
nyengceurikan nyi piah supados nyeungcerikan anu maot. Akhirna nyi piah sareng
ujang kusen nepi ka desa di deket gunung nu jauh timana – mana. Nyi piah
tinggal diditu teu pibeutaheun pisan,kulantaran manehna teu biasa tinggal di
tempat nu jauh timana – mana ditambahan diditu nyi piah jauh ti kahidupan mewah
nu biasana manehna jalankeun.
Teu lila, dina hiji waktos nyi piah ngarasa tos teu betah pisan tinggal
di imah eta, akhirna Nyi Piah kabur sareng Abdullah bade ka imah kolotna.
Singket carita Nyi Piah sareng Ujang Kusen teh papisah anu akhirna Nyi Piah
nikah ka lalaki anu pernah kaedanan ka Nyi Rapiah eta. Aom Usman lalaki nu
dipicinta Nyi Rapiah oge, tapi teu lila Nyi Piah di candung ku Aom Usman,
ceurik weh Nyi Piah kulantaran nyeri hate jeung nyesel ninggalkeun Ujang Kusen
demi si Aom Usman. Tapi Nyi Piah teu bisa naon naon kulantaran tos jadi
takdirna manehna dicandung. Sami jeung Nyi Piah, diluar ditu Ujang Kusen ge
jadi jalma nu teu bener, senggeus papisah jeung Nyi Piah. Manehna jadi lalaki
hidung belang sok maen awewe, mabok jeung ngadu, Tragis kulantaran sikapna nu kos
kitu Ujang Kusen di bui.
I. Unsur Intrinsik Novel
1. Judul Novel : Baruang Ka Nu Ngarora
2. Tema :
Ngahasut atawa Baruang
3. Latar :
·
Tempat :
Di bumina Haji Abdul Raup, di Kampung Pasar, Di bumi Nyi Piah, Ujang Kusen, Aom
Usman, Abdullah, Di desa Nyi Piah sareng Ujang Kusen , sareng di Kebon Kopi.
·
Waktu :
Peuting, buktina aya dina kalimah “Ari peuting harita teuing ku caang bulan,”
Jeung sakabeh waktu oge aya.
·
Suasana :
Bungah, buktina waktos Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen nikah. Emosi, sedih jeung
tegang waktos Nyi Rapiah kabur ti bumina sareng ninggalkeun Ujang Kusen nikah
jeung Aom Usman. Nyeri Hate waktos Ujang Kusen jadi lalaki teu beneur jeng
dibui.
4. Galur : Měrělě
5. Sudut Pandang : Urang Ka-3 Serba Nyaho
6. Gaya Bahasa : Ngagunakeun basa Lemes
7. Tokoh Dan Penokohan
a)
Nyi Rapiah
: Bageur jeung polos awalna, tapi pas kadituna saatos nikah jeung Ujang Kusen,
manehna hianat.
b)
Ujang
Kusen : Suami nu sabar, tapi kadituna jadi sok ngekang ka nu jadi istri. Saatos
pisah jeung Nyi Rapiah jadi lalaki hidung belang nepika dibui.
c)
Aom Usman
: Henteu konsisten, bageur tapi jadi licik jeung hianat, jadi ngaduakeun Nyi
Rapiah.
d)
Nyi Dampi
: Rendah Hati, sok mere nu alus ka batur.
e)
Haji Abdul
Raup : Bageur jeng bijak.
f)
Istri Haji
Abdul Raup :Penyayang.
g)
Haji
Samsudin : Bijak.
h)
Istri Haji
Samsudin : Penyayang.
i)
Haji
Banisah : Pengasih.
j)
Agan Ali :
Tokoh sampingan.
k)
Abdullah :
Imut, tapi rada licik.
l)
Haji Tayib
: Tokoh sampingan.
8. Amanah Jeung Pesen : “Urang hidup di
dunya teh tong gampang kahasut kubatur, boh eta jalma anu deukeut jeung urang
boh nu karek kenal, ulah sampe urang kabawakeun ka jalan nu teu bener. Lamun
urang geus terjerumus kanu teu bener rugi jeung hanjakal anu aya engkena.”
II. Unsur Ekstrinsik Novel
· Identitas Buku :
1. Judul : Baruang Ka Nu Ngarora
2. Kenging : Daeng Kanduruan Ardiwinata
3. Penerbit : Wedalan PT Kiblat Buku Utama
4. Rarancang Jilid : Tim Kreatif Kiblat
5. Gambar Jilid : Esti Lestarini
6. Citakan : Februari 2013
7. Tebelna : 107 lembar
· Kasang Tukang Pangarang :
Daeng Kanduruan Ardiwinata
(Bandung 1855 – Tasikmalaya 1947) nyaeta jalmi anu Nasionalis, Agamis, sareng
Sastrawan Sunda. Anjeun na oge guru bahasa, ahli bahasa, sareng anu ngadirikeun
sakaligus Ketua Paguyuban Pasundan, sareng Redaktur Balai Pustaka. Sanajan
ramana katurunan Bugis, henteu ngabatasi anjeuna mika cinta kana sastra sunda.
Anjeuna pangarang roman munggaran dina basa sunda. Anjeuna kenging penghargaan
"Ridder In De Orde Van Orange Nassau" ti pamarentah kerajaan Belanda
kusabab prestasi na di bidang sastra.
Karya – Karya Daeng Kanduruan
Ardiwinata
Tatakrama oerang Soenda,
1910.
Baruang ka nu ngarora, 1966.
Tata bahasa Sunda.
Dongeng-dongeng Soenda, 1910.
Tri wangsa, 1921.
Soendaasch spel- en
leesboekje, 1926.
Serat sabda rahajoe, 1911.
Sakola noe lolong di Bandoeng
djeung kasakit njĕri mata anoe matak lolong.
Pemimpin bagi orang jang
hendak memilih pentjaharian.
Dari hal pertanaman teboe dan
fabriek goela : terkoetip dari karangganja toean Mr. A. Neijtzell de Wilde,
leeraar disekolah hakim, 1912.
Pemerintahan Nederland dengan
Hindia : terkoetip dari boekoe-boekoe wet dan lainnja, 1913.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar